jelaskan naon nu dimaksud unsur imaji dina sajak?
B. Daerah
jimmyrhrjgmailcom
Pertanyaan
jelaskan naon nu dimaksud unsur imaji dina sajak?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Unsur imaji dina sajak nyaeta unsur gambaran atawa sawangan, rupa-rupa imaji nyaeta imaji paningal, imaji pangdenge jeung imaji pangrasa. Sajak nyaeta karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Sajak mangrupa puisi anu teu kauger atawa kaiket ku aturan. Dina puisi Sunda, sajak henteu siga guguritan atawa wawacan anu kauger ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Umpama dibandingkeun, dina puisi Sunda mah sajak teh siga kawih, anu rumpakana teu kaiket ku aturan.
Sanajan sajak teh henteu kaiket ku aturan, saperti aturan pupuh, dina nyieun sajak aya sawatara unsur-unsur anu perlu diperhatikeun sangkan sajak anu dijieun teh alus tur endah. Unsur-unsur anu perlu diperhatikeun dina nyieun sajak nyaeta unsur-unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngadung wirahma, murwakanti jeung gaya basa.