B. Daerah

Pertanyaan

buat undangan ulang tahun bahasa sunda

1 Jawaban

  • Kahatur Réréncangan Sadayana

     

    Assalamu ‘alaikum wa rahmatullahi wa barakatuh…

     

    Nguningakeun yen sim abdi téh, alhamdulillah, dina danget ieu tos nincak yuswa ka tujuh welas taun. Minangka sukuran sakantenan silaturahmi, réréncangan sadaya disuhunkeun kasumpinganana di rorompok abdi:

     

    Dinten/kaping: Saptu/12 Nopember 2016

    Tabuh: 16.00 (4 sonten)

     

    Acara badé disarengan ku pangaosan ti Ustadzah Mamah Dedek.

     

    Kairing pidu’a, mudah-mudahan urang sadayana salamina aya dina panangtayungan Gusti Nu Maha Suci.

     

    Hormat ti sim abdi,

Pertanyaan Lainnya