Kumaha carana sangkan pangajaran basa sunda pikaresepeun
B. Daerah
Naderaa
Pertanyaan
Kumaha carana sangkan pangajaran basa sunda pikaresepeun
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kusabab dina diajar sapopoe di sakola, komunikasi antara guru jeung murid diwajibkeun kudu ngagunakeun basa Indonesia, basa Sunda jadi jarang digunakeun. Malahan umpama aya murid dina pangajaran salian ti pangajaran basa Sunda anu nyarita jeung guru ngagunakeun basa Sunda, eta teh mindeng diseungseurikeun. Kaayaan eta anu jadi sabab ngagunakeun basa Sunda teh mangrupakeun kasalahan.
Ku kituna kudu aya usaha pikeun ngamumule basa Sunda. Umpama teu bisa ngagunakeun basa Sunda unggal poe dina komunikasi antara guru jeung murid, aya alusna umpama ditangtukeun aya sapoe dina saminggu anu diwajibkeun ka sarerea anu aya di sakola pikeun nyarita ngagunakeun basa Sunda.
Umpama aya usaha kitu, tangtu dina waktu pangajaran basa Sunda, murid-murid bakal jadi sumanget dina diajar basa Sunda. Sabab ku ayana kawajiban nyarita basa Sunda sapoe dina saminggu, tangtu loba murid-murid anu ngalaman salah benerna ngagunakeun basa Sunda. Biasana umpama aya murid anu nyaritana henteu merenah, sok loba murid-murid sejenna anu nyeungseurikeun.
Kusabab aya anu nyeungseurikeun dina salah ngagunakeun basa Sunda, tangtu bakal loba murid anu sumanget pikeun diajar basa Sunda anu merenah, nyaeta Tatakrma Basa Sunda anu merenah. Sabab henteu jarang loba murid anu can mikawanoh kumaha bedana basa Sunda lemes pikeun diri sorangan jeung basa Sunda lemes pikeun ka batur. Ku ayana kawajiban nyarita basa Sunda sapoe dina saminggu, bakal loba murid anu resep jeung sumanget diajar kumaha bedana Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma.