B. Daerah

Pertanyaan

sirah kecap lemesna....

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
    Kelas : III (3 SD)
    Pembahasan :

    Sirah kecap lemesna nyaeta mastaka. Tapi sabenerna kecap sirah oge mangrupa kecap lemes, nyaeta kecap lemes pikeun ka sorangan. Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta nu disebut Ragam Basa Hormat atawa Lemes jeung Ragam Basa Loma atawa Kasar.

    Dina Ragam Basa Hormat atawa Lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur anu saluhureun atawa anu dipikahormat.

    Kecap sirah, salian ti mangrupa kecap kasar oge mangrupa kecap lemes keur ka sorangan. Sedengkeun kecap mastaka mangrupa kecap lemes pikeun ka batur anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Conto kalimah nu ngagunakeun kecap sirah jeung kecap mastaka :

    1. Ieu topi teh moal cukup keur sirah kuring mah (sirah mangrupa kecap kasar)
    2. Ieu topi teh moal cekap kanggo sirah abdi mah (sirah mangrupa kecap lemes pikeun ka sorangan)
    3. Ieu topi teh moal cekap kanggo mastaka pa guru mah (sirah mangrupa kecap lemes pikeun ka batur anu saluhureun atawa batur anu dipikahormat)

    Dina basa Sunda, aturan anu ngatur atawa anu aya patalina jeung ragam basa kiwari sok disebut Tatakrama Basa Sunda. Baheula mah aturan anu ngatur atawa anu aya patalina jeung ragam basa teh disebutna Undak-usuk Basa Sunda.

    Dina Undak-usuk Basa Sunda mah kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa, nyaeta genep ragam basa lemes jeung dua ragam basa loma atawa kasar. Tapi kiwari dina Tatakrama Basa Sunda mah sacara resmi ngan saukur aya dua ragam basa Sunda, nyaeta nu dijelaskeun di luhur.

Pertanyaan Lainnya